Isuk-isuk. Hujan geus ngaguyur lembur Cihérang. Jalan anu can
diaspal téh ngeyemeng ku cai. Cai hujan siga pélor anu ditembakkeun ti
langit. Hawu ngadadak jadi barang anu laku. Bari meuleum sampeu,
diharudum ku samping, sakulawarga siduru hareupeun hawu. Teu loba anu
dicaturkeun, anu jelas ngararasakeun haneutna hawu anu ngabebela ku
seuneu. Manuk piit anu biasa ricit di sawah ogé teu kadéngé, éléh ku
sora hujan anu ninggang kenténg. Anu kaangseu, seungitna haseup suluh
pacampur jeung seungitna sangu anu ngebul dina aseupan. Euweuh jalma anu
ngulampreng, da puguh hujan. Teuing ti mana sasakalana, jalma sieun ku
hujan. Anu jelas, tiap hujan turun kumpulan jalma sok langsung bubar.
Hawa beuki dieu beuki tiris lain caturkeuneun.
Tukang bubur kacang héjo jeung tukang bubur hayam tara-tara ti sasari
bet teu mangkal di tempat anu biasa. Bener, keur jalma anu imahna weweg,
dibeton, duit keur meujeuhna merekis, kaayaan modél kitu téh matak
pikabetaheun. Siduru hareupeun hawu, cikopi panas, beuleum sampeu,
ngumpul jeung anak pamajikan, éstuning matak pikabungaheun, teu matak
melang. Beda lamun kaayaan modél kitu keuna na téh ka jalma anu keur
meujeuhna meuleukmeuk bari seuseut rejeki. Budak salima-lima, léhoan
kabéh, pabéasan geus kosong, duit kari bubukna, awak katibanan ku
rupa-rupa panyakit; éncok, salésma, nyeri huntu, pacampur ngahiji,
katambah pamajikan keur meujeuhna bulan alaneun, disampurnakeun ku awak
anu masih kénéh hirup. Jigana lamun ku pikiran pondok mah matak kabita
jeung ngeunah lamun beuheung digantungkeun kana tambang dina tangkal
jambu aér hareupeun imah.
“ Heueuh aing mah, hirup téh asa beuki ripuh baé. Jaba duda, hirup
sorangan, imah kenténgna balocor, arék ulin duit kari gocéng!” Gerentes
haté si Kemed bari ngasurkeun suluh kana jero hawu. Manéhna diuk bari
nangkeup tuur, diharudum sampurna. “ Moal salah, seuseutna rejeki aing
téh ieu dilantarankeun ku beuki rongkahna korupsi anu dilakukeun ku para
ménak. Duh ménak harianeun siralaing téh, mani teu nyésakeun rejeki
keur uing. “ Leungeunna tap nyokot bubuy boléd. “ Puhhh… jadil téh,
dasar nasib aing mah bener keur tiis, ka boléd-boléd teu bisa didahar.
Kulanas. Duh… jaba lapar deuih, sangu béak.. da puguh béasna ogé teu
gableg. Anu puguh mah aing asa hésé ngaroko-ngaroko acan, duh… lamun
aing boga pabrik roko, meureun mola hésé-hésé teuing dina kaayaan kieu
téh, kari nyundut, nyottt dikenyot, pédo meureun.
“ Heuuhhh… iraha atuh rootna hujan téh??? Huuuhh…” Bari jung nangtung.
Kuliat… kuliat… kukuliatan. “ Ceuk saha nguliat tanda jalma pangedulan,
atuh da puguh nikmat nguliat mah. Cacakan teu gableg duit ogé, sudi
lamun nguliat kudu dijual ka batur. Heuheu… aya kitu manusa anu arék
meuli kuliat. Beuhhh… nepi ka iraha ogé moal aya jigana. “ Manéhna
meuneurkeun kopéah. “ Duhh… duittt…. Duittt… dimana ari silaing téh
duittt… na bet hésé..hésé teuing dialana, diudag lumpat diantepkeun
beuki ngajauhan. Éta deuih manusa-manusa jaman baheula deurrr maké
nyiptakeun duit nya?. Jadi akibatna nepi ka ayeuna. Coba lamun jalma
baheula teu nyiptakeun duit, meureun moal aya babasaaan teu gableg duit,
boké, moal aya anu boga hutang. Silih kadék jeung silih paéhan téh apan
alatan duitttt… asliiii aing mah, hayang téh duit saalam dunya teu laku
kabéh da!”
Si Kemed ngajanteng dina lawang panto. Nempo cai hujan anu ngeclakan
dina tungtung kenténg. Hawa beuki tiris. Kahayangna mah berebet lumpat
muru warung Mang Ujang. Bisa ngopi, ngadahar goréng pisang, jeung
ngawadul kamana karep.
“ Duh… aing mah tétéla, duit, Bener,,bener nyiksa aing duit téh. Cing
atuh Présidén kahayang mah awurkeun tah duit ti langit maké kapal. Lamun
enya mah Présidén nyaaheun ka rahayatna, meureun aing keur dina kaayaan
kieu téh moal diantep. Para ménakk… iraha atuh arék tarurun ka handap.
Kahayang mah surti, waktu keur hujan kieu, solongkrong para ménak téh
mikeun duit ka uing, tong loba-loba sagepok ogé teu burung bakal di
tarima da ku déwék!” Keclak cai murag pas kana irungna.
“ Nyaéta, apan duit téh meureun kudu diala. Dialana téh ku digawéna
urang. Arék bisa gawé kumaha, lapangan pagawéanna ogé hésé. Jadi tukang
parkir? Usum ngijih kieu, jijibrugan. Ngojég payung? Harr apan payung
téh kudu dibeuli ku duit. Moal enya aing kudu nginjeum payung tatangga
mah, ongkohna deuih apan batur ogé perelueun payung usum ngijih kieu
mah. Ari Haji Sukri kawas nu enya ngaji téh, sok mapatahan… ulah…jalma
mah ulah putus harepan, kudu tigin jeung sabar dina ngala dunya. Ahh…
Haji Sukri..Haji Sukri… bener ucapanna mah, ngan ari dina kanyataan mah
geuning hésé dibuktikeun. Arék sabar kumaha aing ari teu boga duit mah
geura.?”
Hawar-hawar kadéngé sora kohkol ditakol, tarik tur kerep, sorana awuhan
pacampur jeung sora hujan. Lol jalma-jalma narolol dina lawang panto
imahna séwang-séwangan. Ceuli si Kemed nepi ka direbing-rebing
ngadéngékeun sora kohkol. Jalma-jalma kaluar ti imahna, ngajaranteng di
tepas imah. Silih lérét jeung tatanggana. Bari karerung.
“ Aya anu maot kitu? Waas aing mah… jaba hujan kari-kari aya anu maot.
Atawa aya balahi? Atawa aya nananaon. Duh.. panasaran aing mah!” Ceuk si
Kemed bari muka kopéah.
“ Ukann…. Aya naon téh, euy?” Si Kemed ngagorowok, nanya ka tatanggana.
Mang Ukan culang-cileng. Mencrong ka si Kemed, bari unggeuk-unggeukkan terus nunjuk kana dadana sorangan.
“ Heueuh ka siaa… apan tatangga aing mah ngan sia sorangan, Ukannn!” Si Kemed ngagorowok deui, campur keuheul.
Ti Beulah ditu, Mang Ukan katénjo manyun, “ Oohhhh…” Kitu meureun. “ Ké
lanan urang tanyakeun ka tatangga sabeulah!!!” Ceuk Mang Ukan teu éléh
ngagorowok. “ Heyyy… Mamat, aya naon téh euy?”
“ Ké lanan urang Tanya ka tatangga sabeulah. “ Ceuk Kang Mamat némbalan.
“ Aya naon?” Ceuk tatangga ka tatanggana.
“ Aya naon? “ Kabéh silih Tanya jeung sing gorowok.
Lima menit ti Harita, ngong dina sapéker masigit, Haji Sukri ngabéwarakeun hiji hal.
“ Peryogi ka uninga, nembé pisan sim kuring kapasihan pancén ti Pa Kuwu,
wiréhna dina dinten ieu pisan aya kajantenan anu kedah diperhatoskeun
ku urang sadaya. Atuh kumargi kitu, peryogi kauninga ku sadayana, sok
sanaos dina kaayaan hujan anu ngagebrét kawas kieu, urang kedah sareng
wajib kompak, rempug jukung sauyunan. Para wargi, sakumaha informasi anu
ku sim kuring katampi di Pa Kuwu Jumena, anu mantenna téh salaku
pamingpin di ieu lembur, ogé saparantos nampi informasi anu sanésna ti
para hansip, peryogi kauninga…!”
“ Duh… baku Haji Sukri mah ari geus deukeut jeung mikropon téh, pidato
kamana baé!” gerentes si Kemed, ceuli nepi ka direbing-rebing hayang
jéntré kana béwara Haji Sukri.
“ Para sadérék, Cukang Cisuda dina énjing ieu rugrug….!” Tambah Haji Sukri.
“ Cukang Rugrug!!!!” Ceuk jalma-jalma éar.
“ Cukang Cisuda rugrugggg…..!” Beuki éar.
Brulll jalma-jalma teu kudu dititah ogé kaluar ti imahna
séwang-séwangan. Anu anu maké payung, dimantel, dijas hujan, maké daun
cau, diharudum ku samping. Ngumpul ngariung, kabéh muru ka Susukan
Cisuda, kaasup si Kemed ogé teu katinggaleun, milu jeung batur muru ka
Cisuda. Laleumpang teu nolih tincakeun. Bari sing kecewis. Wak wék wok
ngarobrol.
Urang Cihérang ngabati gogodeg bari gumecrot. Bener, Cukang anu
ngahubungkeun lembur Cihérang jeung Lembur Cinangka Beurit téh geus
potong, kari tihangna anu ngajanteng. Cukang anu dijieun ku Mang Ocim
jeung Mang Ohi rugrug… kawat beton sing gulawing. Dihandapeunna, cai
walungan ngagulidag pika sieuneun.
“ Ckckckckck…. Cukang rugrug?” Ceuk Abah Uko ka si Kemed.
“ Ari abah, heeueuh rugrug!”
Urang Cihérang pada apal, kumaha penting jeung mangfaatna éta Cukang
keur maranéhna. Lain saukur ngahubungkeun Lembur Cihérang jeung Cinangka
beurit, leuwih ti kitu, éta cukang téh jadi jalan utama keur urang
Cihérang anu arék nyaba ka dayeuh. Kabéh ngahuleng.
“ Beu… kumaha ari geus kieu?” Ceuk Mang Ujung.
“ Nya rugrug wé ari geus kieu mah setéh ujang!” Si Kemed némbal deui.
Torojol Kuwu Jumena datang. Dipayungan ku hansip Ika jeung hansip Adut.
Panonna melong kana Cukang anu geus rugrug. Gogodeg. Semu malaweng.
Hujan mimiti root. Cai walungan anggger ngagulidag, caah beuki rongkah.
“ Pa Kuwu, kumaha atuh ieu? Aya korban teu , Pa?” Ceu Iroh milu ngomong.
“ Para sadérék, kumaha atuh ieu téh nya…. Abdi ogé bingung pisan mayunanna. Mugia atuh teu aya korban nya?”
“ Lain… sakanyaho uing mah apan ieu Cukang téh cik kénéh karak
diwangunna jeung dibenerkeunna ogé. Lamun teu salah karak kana dua
bulanna dioméan ku duit Dana Hibah ti Pamaréntah, Pa Kuwu?” Si Kemed
nanya.
“ Heueuh, kumaha ieu téh, majar dibeton, kuat nepi ka dalapan generasi,
nyatana… rugrug, kumaha atuh pa Kuwu. Kudu didatangkeun kontraktorna!
Pagawéan téh ngadon nyangsarakeun balaréa hasilna!!”
Kabéh pada protés ka Pa Kuwu. Nempo dununganna pada mrotés, Hansip Ika
jeung Hansip Adut langsung ngangsreg ka hareupeun Pa Kuwu, baru sidakep
dina dada.
“ Eh, haling atuh salira téh, Ika.. Adut ieu uing ka halangan!” Ceuk
Kuwu Jumena. Hansip Ika jeung Adut ngésér. “ Para sadérék kedah tenang
atuh, ulah waka getas harupateun, boa-boa cukang rugrug téh sanés alatan
konstruksina anu awon, tapi mémang leres wé ieu mah balahi!”
“ Paliiidddd…. Aya anu paliiidd…!!!” Salah saurang anu aya di dinya
ngagorowok. Kabéh curinghak. Nénjo ka lebah anu ditunjuk ku si Buloh.
“ Mana setéh Buloh, geuning euweuh nanaon sia téh ah!” RW Apud morongos.
“ Leres Pa RW tadi mah abdi ningal, siga aya mastaka anu palid di wahangan.” Si Buloh némbal.
“ Euhh.. pantes atuh, lain sirah anu apung-apungan di wahangan meureun,
tapi éta dina panon sia cileuh mani baradag sadua-dua, Buloh!” Aki Uki
milu ngomong.
“ Huuuhhh!” Ceuk nu séjén bari jebi ka si Buloh.
“ Tapi bener ogé si Buloh téh. Bisi jeung bisi ieu mah, aya korban dina
rugrugna Cukang . Apan urang teu nyaho, boa isuk tadi aya jalma anu
ngaliwat kana cukang, terus cukang rugrug.” Ceuk Si Kemed. Anu séjén
kerung.
“ Atuh Pa Kuwu kumaha ieu téh ?” RW Apud kapaksa ngomong ka Pa Kuwu.
“ Antosan wé atuh, engké pabeubeurang kuring arék bébéja ka Pa Camat
jeung ka Kapolsek lamun cukang Cisuda rugrug.” Kuwu Jumena menerkeun
kacamatana.
“ Ari Kuwu ka Kantor Kecamatanna arék jalan ka mana, apan puguh Cukangna ogé rugrug?!”
“ Aéh leress, nya.” Kuwu Jumena mencrong mani anteb kana tihang Cukang. “
Atuh kieu baé, ka Para Sadérék, engké siang disuhunkeun kaikhlasanna,
kanggo kerja Bhakti, urang ngadamel cukang alternatif. Teu kedah
saé-saé, ku awi atanapi tangkal kalapa baé!”
“ Kumaha satuju teu?” RW Apud nuluykeun.
“ Satujuuuuuuuuu…!” Ceuk kabéh jalma, bral atuh baralik deui ka imahna séwang-séwangan.
“ Cukang tangkal Kalapa… heuheu, asa zaman tai kotok di lebuan. Tapi
dipikir-pikir, dibandingkeun jeung Cukang beton anu dijieun ku si Ocim
jeung si Ohi, naha bet leuwih kuat cukang tangkal kalapa nya?” Gerentes
si Kemed di Imahna. “ Ti taun 70-an nepi ka taun 90-an, apan susukan
cisuda téh cukangna ku tangkal kalapa, bener..da asa kuat, salila dua
puluh taun teu diganti-ganti. Na ari cukang beton jieunan manusa, teu
sataun-sataun acan geus rugrug. Beuhh!”
“ Ningali si abah teu, Kemed!?” Pananya si Ma Encih ngahudangkeun si Kemed.
“ Henteu, Ema!” Ceuk si Kemed, “ Na kumaha kitu?”
“ Nyaéta, Abah Inan téh can balik kénéh, teuing ka mana tah
ngulamprengna aki-aki tujuh mulud téh!” Ma Encih renghap ranjug. “ tadi
mah isuk-isuk ngomong arék ka dayeuh ceunah, teu beunang dicaram tah
aki-aki téh sakitu hujan ngagebrét ogé. Ari geus boga pamaksudan mani
kawas domba kumincir!”
“ Beu… palangsiang!” Si Kemed rada ngaharéwos ngomongna.
“ Palangsiang kumaha, Kemed?”
“ Ah, palangsiang Abah Inan téh méngkol heula ka randa hérang , Ema!”
“ Alah dirangkéd tah aki-aki téh ku uing mah dina enyana ogé!”
“ Heuheu…!”
Sa jam ti harita mah, éar deui pabéja-béja. “Abah Inan leungittt!” Atuh,
jalma-jalma ngarumpul deui. Aya ogé anu ngomong, Abah Inan kabawa
Palid, boa-boa geus aya di laut jasadna, ancleung-ancleungan kawas
parahu.
“ Atuh kumaha uingg… kumaha… Abahh… duh abah… lamun enya manéh palid kumaha ieu uing Abahh!” Ma Encih ceurik.
“ Ulah waka awon sangka, Ema. Boa si Abah téh masih kénéh di pasar. Coba atuh SMS!” ceuk Mang Ujang.
“ SMS ???” Urang Cihérang ampir bareng nanya bari ngalieuk ka Mang Ujang. Anu ditingali ngadon nyéréngéh.
“ Atuh Ema mah antosan baé di bumi. “ Ceuk Kuwu Jumena. “ Hayu atuh kanu
sanésna, urang kerja Bhakti téa ngadamel cukang alternatif.”
Pangajak Kuwu Jumena diéstokeun pisan. Urang Cihérang rancagé, rempug
jukung sauyunan, kerja bhakti nyieun Cukang. Tanggal kalapa saopat-opat
dituar.
“ Heyyy…. !” Aya anu ngagorowok sisi Walungan beulah ditu. “ Heyyy….
Dikamanakeun ieu cukang, abah arék meuntasssss!!” Gorowok deui.
“ Abah Inaannnnnn????!!!!” Anu keur digarawé ngomong.
“ Hayoooo atuh, dikamanakeun ieu Cukang, kuring arék meuntassss!!!!”
“ Ké lanan, dagoan sakeudeung, “ Ceuk si Kemed teu éléh ngagorowok.
“ Hayo atuhhhhh!!! Uing arék meuntasssss!”
“ Bawél tah aki-aki téh!” Pok Mang Ujang.
Tangkal kalapa anu ngajepat téh ku urang Cihérang ditalian tungtungna ku
tambang badag. Terus ditarik, nepi ka tangkal kalapa cengkat deui.
“ Ka katuhu saeutik… terus..terus…terus… heupp… kénca saeutik…!” Ceuk
hansip Ika. “ Abahhh awassssss… tong ngadon nagog di dinya, ieu tangkal
kalapa arék dileupaskeun talina!!!! “ Gorowok hansip Ika. “ Hiji…. Dua….
Tiluuuuuuuuu, leupaskeunnnnnnn!!”
Koléang tangkal kalapa rugrug, gejeburrrrrrr ka Wahangan, henteu pas labuhna ka sisi wangahan ti Beulah dtu.
“ Tarikkk….tarikkkk deui…tarikk!”
Kabéh pada narik tangkal kalapa, da bisi kabawa ku cai anu keur meujeuhna ngagulidag.
“ Ari sia, Ika… kantun wé katuhuuu…katuhuu… kéncaa eutik, tapi ukuran
téh mani pajauh siah. Kode jongklok sia mah!” Ceuk si Kemed.
“ Heyyy… gancang atuh, uing arék meuntassss!” Abah Inan ngagorowok deui.
“ Bawél nya kolot téh!”
“ Haling siah Ika, keun déwék ah anu jadi komandona!” RW Apud maju. “
Sok ayeuna mah tarik deui tambangna. Hiji…..dua…salapann… tarikkkkkk!
Tarikkk….. Ika, kalah ngajedog siah, bantuan itu batur deuleu!! Tarikk….
Kemed tarikkkk…” Tangkal kalapa nagtung deui. “ Ké lanan ulah waka
dirugrugkeun. Gotong heula nepi ka sisi wahangan, Uhan, Adom, Adang, sok
angsrodkeun tangkal kalapana lalaunan baé!” Tangkal kalapa anu nangtung
geus aya di sisi wahangan. “ Hiji….dua….geneppppp!!! Leupaskeun
tambangna lalaunan, tong disakaliguskeun!”
Tangkal kalapa geus ngajepat luhureun wahangan Cisuda. Kabéh émprak. Suka bungah.
“ Geus bisa meuntas uingggg, Heyyyy!” Ceuk Abah Inan.
“ Ké heula, urang pasang tilu deui Abahhhhh!” ceuk RW Apud.
Kana dua jamna, opat tangkal kalapa geus ngajepat, Cukang anyar geus kapasang.
“ Bérésssss???” Gorowok abah Inan deui.
“ Ké heula, urang bebener heula ngarah laluasa ditincakna, ulah waka
meuntas apan can dipageuhan, can dibajang jeung diéntépkeun!”
Geus ngéntép ayeuna mah. Abah Inan meuntas Cukang rarampéolan…
“ Alhamdulillaahhhh….. sanajan deg-degan nepi ogé geuning!” Ceuk Abah
Inan. “ Mani lila nya maranéh mah, uing ngadagoan nepi kana tilu
jamna!!” Ceuk Bah Inan.
“ Duh dasar Aki-aki!!” Ceuk Si Kemed laun. “ Tas dimana atuh Abah téh, isuk-isuk ngadon liarrr, matak pika melangeun batur?!”
“ Ah, kumaha uing wé, arék uing tikebelek ka wangahan sugan, uing ieu ahhh!”
“ Balikkkk yuuu ah!” Ceuk si Kemed bari ngaleés. Dituturkeun ku anu séjén.
Wanci sareureuh budak. Hujan geus ngaririncik. Warung mang Ujang ramé.
Cikopi kaangseu mani seungit. Anu aya di dinya balakécrakan, Kuwu Jumena
ogé aya.
“ Nya, ari anu boga salah mah ti isuk nepi ka ayeuna can katénjo irung-irungna acan tah si Ohi téh?” ceuk si Kemed.
“ Ulah waka awon sangka, Kemed!” Kuwu Jumena ngomong bari cacamuilan ngadahar goréng sampeu.
‘ Ih ari pa Kuwu, tah Tanya geura si Unang. Waktu nyieun Cukang beton
téa, semén lima zak mahi teu mahi kudu bérés, moal enya keur nyieun
cukang anu sakitu panjangna ngan ukur ngandelkeun semén lima zak. Cing
sabaraha waragad anu geus dianggarkeun keur nyieun cukang beton téh, Pa
Kuwu?”
“ Ah Duka, saurna mah éta urusan Kontraktor sareng dinas. Abdi mah
kirang uninga, mung kantos sih katitipan artos kana saratus rebu, ti
Mang Ohi..”
“ Oh, pantes!”
Waktu maju ka peuting. Hujan masih ngaririncik. Hawa beuki tiris.
Cihérang beuki jempling. Sakapeung kadéngé sora jegohna batuk Abah Inan.
Tuluy simpé deui.
Sukabumi, 30 Nopember 2011